Ulah Sok Ngomong Kasar

Ulah Sok Ngomong Kasar

Kacaritakeun aya hiji aki-aki beuki pisan ngomong kasar, cenah.

Teu ka budak teu ka saumuran, beletak-beletak wé make babasan kasar.

Hiji waktu manéhna nguseup di walungan.
Geus aya kana tilu jamna nguseup can beubeunangan lauk hiji-hiji acan.
Teu lila, aya budak leutik ngaliwat ka deukeut si Aki, terus tatanya:

Budak: “Nuju naon, Aki…?”

Si Aki: “Na teu kadeuleu? Apan ieu keur nguseup, belegug!”

Budak: “Parantos kénging laukna, Ki?”

Si Aki: “Acan, goblog. Tatanya wé, siah..!”.

Budak: “Aki nganggo eupan naon?”.

Si Aki: “Nya ku cacing atuh, ‘njing!”.(bari murukusunu)

Budak: “Pantesan atuh, sesah nyanggutna upami ku cacing mah. Cobi ku siki ceremé dibubukeun, teras digaley kana aci.”

Si Aki: “Naha bisa kitu??”.

Budak: “Nya henteu atuh, goblog!”(Langsung ngabecir lumpat).

Si Aki reuwas. Sapanjang umurna can kungsi disebut goblog ku sasaha ogé.
Ari ieu ku budak leumét disebut goblog…
Hayang ambek tapi budak geus kabur, nahan ambek teu bisa, napasna hukhék, neupi ka maotna di dinya kénéh.
Jantungna coplok, cenah.

Selang carita, Si Aki geus dikuburkeun.
Sabada anu ngurebkeun bubar, layon Si Aku disampeurkeun ku dua makhluk.(Malaikat jiganamah).
Anu hiji mawa gegendir.
Makhluk nu hiji deui nanya: “Salam, Ki. Ari Aki keur hirup di dunya kagungan agama?”

Ceuk Si Aki: “Nya boga atuh, belegug!”.

Éta dua makhluk reuwas kacida.
Nu mawa gegendir maju, pokna téh, “Aki, cobi upami ngawaler téh nganggo basa anu lemes. Sugan wé Aki tiasa hirup balik deui ka alam dunya…”

Ceuk Si Aki: “Naha tiasa kitu?”

“Nya henteu atuh, goblog!” ceuk éta makhluk bari habek we nakol sirah Si Aki ku gegendir.
Bleduuuuug…
Si Aki paéh deui……

Tamat we dongengna….

Comments

comments

Leave a Reply

You cannot copy content of this page